Rabu, 08 Januari 2014

SEMANTIK



SEMANTIK
1. Ambahan Semantik
Istilah semantik asalna tina basa Yunani nyaeta semantickos anu hartina ‘penting’, ngandung harti anu dirundaykeun tina kecap semainen hartina ‘nuduhkeun tanda’. Dina basa sunda mah sok disebut ‘tata harti’.
Semantik nyaeta bagian tina elmu basa anu ngulik jeung medar harti dina hiji basa, asal-usul, selang surup, parobahan, tur kamekaran harti.
2. Harti
·           Watesan harti
Harti mangrupa eusi anu dikandung ku kecap atawa omongan; naon-naon anu dimaksud ku panyatur basa.
·           Aspek harti
Omongan manusa teh hakikatna ngandung harti anu  gumulung tina opat aspek, nyeta:
1)    Tema (jejer nu keur dicaritakeun)
2)   Rasa (harti disawang tina sikep panyatur kana tema)
3)   Nada ( harti disawang tina sikep panyatur ku pangregep)
4)   Amanat (maksud nu ditepikeun ku panyatur)

·           Warna harti
Harti dina basa, bisa dipasing-pasing jadi sababaraha warna, nyaeta:
harti leksikal nyaeta unsur-unsur nu mangrupa lambang barang, hal, objek, jste.
 







a.    Harti leksikal ngawengku dua bagian :
1)    Harti langsung : harti anu langsung nuduhkeun konsep nu tangtu tina objek. Conto: Manehna keur ngahampas kalapa. (harti langsung)
Anjeun ulah ngahampas ka kuring. (harti injeuman)
2)   Harti injeuman : harti anu teu langsung nuduhkeun objekna.
Conto: Heni teh di kelasna mah kaasup bentangna.
b.    Harti struktural nyaeta harti nu muncul balukar patepungna unsur-unsur basa. Harti structural aya dua rupa:
1)    Harti gramatikal: harti nu muncul balukar patepungna wangun-wangun gramatik (morfem, kecap, frasa, klausa, kalimah) dina wangun gramatik anu leuwih jembar. Conto:
Ka- + tincak = katincak hartina teu kahaja.
2)   Harti tematikal : harti anu muncul balukar museurkeun paniten jeung nekenkeun lentong kana salah sahiji unsur basa anu dipentingkeun. Conto:
Aya nu maot dilengkahan ucing hirup.
Aya nu maot / dilengkahan ucing hirup.
Aya nu maot dilengkahan ucing / hirup.
Aya nu maot dilengkahan /ucing hirup.

·      Parobahan harti
Aya  6 faktor panyabab robahna harti, nyaeta: linguistic, sosiologis, psikologis, historis, basa deungeun, jeung pangabutuh kana kecap anyar.
1)    Ngajembaran (generalisasi) nyaeta robahna harti kecap anyar anu ambahanana leuwih jembar batan harti kecap heubeul.
2)  Ngaheureutan (spesifikasi)
3)   Ngaluhuran (ameliorasi) nyaeta robahna harti kecap anyar anu ajena leuwih luhur batan hari kecap heubeul.
4)  Ngahandapan (pejorasi)
5)  Ngupamakeun (asosiasi)
6)   Matukeurkeun (sinestesia) nyaeta robahna harti kecap lantaran patukeurna pananggap antara dua anggota awak (indra) anu beda.
Pakeman Basa
a.    Babasan nyaeta ungkara winangun kecap (kantetan) atawa frasa anu susunana geus matok tur ngandung harti injeuman.
Conto: hampang birit, gede hulu, panjang leungeun, jsb.
b.    Paribasa nyaeta ungkara winangun kalimah atawa klausa anu kekecapan katut susunana geus matok , biasana ngandung harti babandingan minangka siloka lakuning hirup manusa.
Conto: mun diarah supana, kudu dipiara catangna.
c.    Gaya basa nyaeta rakitan basa anu dipake sangkan ngahudang pangaruh anu leleb kanu maca.
Conto: gaduh tanah ge mung satapak peucang.
d.    Rakitan lantip nyaeta susunan kecap anu dihartikeun ku kabiasaan make dadasar kalantipan.
Conto: Emh, bau nu keur ngagoreng bawang = nu bau teh lain nu ngagorengna tapi goreng bawangna.
e.    Kecap kiasan nyaeta kecap anu hartina dipapandekeun ka harti kecap sejen, anu ngandung harti konotatif.
Conto:  ari geus maju mah, wani nincak sagala ka batur teh.
f.    Cacandran nyaeta panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun.
Conto: Sukapura ngadaun ngora, Bandung heurin ku tangtung.
g.    Uga nyaeta tujuman (prediksi) anu aya patalina jeung parobahan penting, babakuna parobahan kaayaan nagara.
Conto: Sunda nanjung mun pulung (pertanda) geus turun ti Galunggung.
h.    Caturangga nyaeta pakeman basa anu nuduhkeun tanda-tanda pikeun mikanyaho hade gorengna watek kuda mun diingu.
Conto: Sumur bandung nyaeta watek kuda anu hade, matak loba rijki, tandana aya kukulincian dina tarang kuda.
i.     Candrasangkala nyaeta nyaeta kalimah atawa frasa anu ngandung harti panataan angka taun.
Conto: Panca pandawa ngemban bumi: 5521—1255 Saka—1333 masehi, ngadegna karajaan  pajajaran.
j.     Repok nyaeta tujuman anu aya patalina jeung cara nganyahokeun alus heunteun nasib dua jalmi nu rek rabi.
Conto: ma’na alus: ratu sabdaning pandita,padaringan kebek, sangga waringin, satria lalaku.
Ma’na goreng: pisang punggel, lumbung gumulung, jeung tunggak kasemi.



Rabu, 01 Januari 2014

DONGENG SUNDA

A.    Wangenan Dongéng
Dongéng nyaéta carita rékaan nu ngandung unsur pamohalan. Dongéng téh mangrupa gambaran dunya ciciptan atawa imajinasi hiji pangarang ngeunaan hiji kajadian nu diwujudkeun dina wangun carita, nu tumurun jeung sumebar ti hiji generasi ka generasi séjénna. Dongéng bisa numuwuhkeun daya visualisasi jeung imajinasi ka nu ngaregepkeunna. Salasahiji panalungtikan nétélakeun, yén upama hiji budak ti leutikna mindeng didongéngkeun atawa ngaregepkeun dongéng, mangka mangkak ka gedéna éta budak dominan baris jadi jalma nu kréatif. Margalantaranna, sifat dongéng nu bisa ngahudang atawa numuwuhkeun daya visualisasi jeung imajinasi nu ngaregepkeunna, ngarangsang uteuk beulah katuhu si pangregep leuwih aktif.
Dongéng nya éta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula. Numutkeun kamus dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana anu mohal jadina. Budi Rahayu Tamsah nétélakeun yén dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Dongéng mimiti gelar dina wangun lisan, sumebar ti hiji jalma ka jalma liana, tur teu kapanggih saha nu ngarangna. Lantaran sumebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit. Robahna téks téh alatan aya anu dihaja jeung teu di haja.




B.     Papasingan Dongéng
Dumasar kana eusina dongéng dibagi jadi tujuh nya éta :

1.      Dongéng Sasatoan ( Fabél )
Dongéng Fabél nya éta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa atikan budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa. Ilaharna dongéng sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna dicaritakeun kawas manusa, upama baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung pikiran. Dongéng sato biasana watek palakuna geus dipola. Dina kasusastraan Sunda, dongéng sato téh pohara lobana. Ilaharna watek-watek nu muncul téh di antarana bageur, bener, cerdas, calakan, julid, jail, jahat, mahiwal, jeung sajabana.
Conto-conto judul dongéng sasatoan Sunda di antarana; Sakadang Kuya jeung SakadangMonyét Maling Cabe, Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Melak Cau, Sakadang Monyét Maok Suling Sakadang Kuya, Sakadang Kuya jeung Sakadang Maung Silih Duruk, Sakadang Kuya Ngagandong Imahna, Sakadang Peucang Keuna ku Leugeut, Sakadang Kuya jeung Sakadang Keuyeup, Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong, Sakadang Maung Kagucak Ku Cucuk Landak, jsb.

2.      Dongéng Babad ( Sagé )
Dongéng Sagé nya éta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kahirupan manusa di masarakat jeung dina sajarahna. Sagé mangrupa carita peperangan di jaman baheula, umumna nyaritakeun tokoh nu légendaris sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa lalampahan nu pikaseurieun.
Dongéng Babad nya éta dongéng anu ngandung unsur sajarah ngeunaan hiji tempat/daérah, palaku atawa kajadian, tapi masih kudu ditalungtik deui ajén bebeneran sajarahna.
Conto judul-judul Dongéng Babad Sunda: Babad Galuh, Babad Pakuan, Babad Sumedang, Babad Siliwangi, Babad Kéan Santang, Babad Cikundul, Babad Sukamulya-Kuningan, Babad Pajajaran, jsb. 

3.      Dongéng Kahirupan Jalma Biasa ( Parabél )
Dongéng Parabél nya éta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Ilaharna ngandung unsur atikan (pieunteungeun) atawa murni hiburan (panglipur), gumantung kana tipeu dongéngna.
Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan. Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda nya éta dongéng-dongéng Si Kabayan. Lian ti éta, aya ogé dongéng saduran tina sastra deungeun, upamana dongéng Abu NawasNasarudinSi Congcorang, Dongéng Ki Jana-Ki Jani, Dongéng Hihid Kabuyutan, Si Kabayan Ngala Tutut, Si Kabayan Ngala Nangka, Si Kabayan Ngala Roay, Si Kabayan Moro Uncal, Si Kabayan Meuleum Lauk, Si Kabayan Ngadeupaan Lincar, jsb.

4.      Dongéng Mité
Dongéng Mité nya éta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap aramat ku masarakat.  Dongéng Gaib (Mite) nya éta dongéng anu nyaritakeun saperkara hal gaib kayaning déwa-déwi, lelembut, jurig, siluman, jin, danyang, bunian, gumelarna alam/tempat, jeung sajenisna. Dina sajarahna, dongéng gaib dianggep salaku sumber sagala dongéng, sabab dongéng Gaib patalina jeung réligi-kapercayaan nu diagem ku hiji suku bangsa atawa daérah. Jaman baheula dina ngagelarkeun dongéng gaib téh teu bisa samanéa, alatan dongéng gaib mah –dipercaya- misipat hal nu kacida sakral.
Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung kepercayaan masarakat kana alam gaib. Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana maot.  Aya ogé mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, tanda-tanda alam, jsté.  Mite di Indonésia dibagi jadi dua golongan dumasar kana tempat asalna nya éta, mite asli Indonésia jeung mite nu asalna ti luar Indonésia, utamana ti nagara IndiaArab jeung nagara-nagara sabudeureun Laut Tengah. Nu asalna ti luar Indonésia, umumna geus robah nepi ka siga asli carita ti Indonésia, ku lantaran kitu mite éta ngalaman prosés adaptasi. Mite nu asalna ti Indonésia umumna nyaritakeun asal-muasal jagat raya, ayana tingkat déwa, jeung mimiti manusa manggihan kadaharan saperti sangujagong,jsté.
 Contona Dongéng Déwi Sri, Dongéng Nyi Roro Kidul, Dongéng Munjung, Dongéng Maung Kajajadén, jeung Dongéng Ngipri, Leuwi Onom (Ma Onom), Sanghyang Dangdang Sri (Déwi Sri), Éyang Suryakancana, Lutung Kasarung,  jsb. 

5.      Dongéng Pieunteung
Dongéng Pieunteungeunnya éta dongéng anu eusina mangrupa tauladan pikeun kahirupan manusa.  Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok.

6.      Dongéng Pamuk
Dongéng Pamuk nya éta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma tur bisa aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Contoo carita pamuk di wewengkon Sunda bisa ditingali dina carita ''Prabu Siliwangi'', Prabu Siliwangi nya éta tokoh anu kaitung sakral di daérah Jawa Barat. Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu Siliwangi téh nya éta hiji raja nu pernah maréntah wewengkon Pasundan.  Contona Weasan Aki Sayang Hawu, Pangeran kornel.

7.      Dongéng Sasakala ( légénda )
Dongéng légénda nya éta carita rayat anu dianggap (ku nu boga caritana) minangka hji kajadian nu bener-bener kungsi aya. Lumangsungna éta kajadian dina waktu nu can pati lila, sarta tempatna di lingkungan nu geus dipikawanoh ku urang ayeuna.  Dongéng sasakala mngrupa golongan carita anu geus turun tumurun, sumebar sarta ku balaréa dianggap mibanda dasar kasajarahan atawa sakumna carita wandal kitu anu geus jadi milik sagolongan masarakat. Palaku utama dina legenda jalma biasa. Dongéng legenda biasana nyaritakeun asal-muasalna kajadian. Kajadian hiji tempat, tutuwuhan,sato, atawa barang. Papasingan Legenda :
a.       Legenda Agama nya éta legenda jalma-jalam suci saperti para wali agama islam. Legenda nu geus dikumpulkeun diantarana: Syéh Siti Jenar di Muka Pengdilan AgamaSunan GesengSyéh Abdul MuhyiKi Pandan Arang dari Tembayat, jste.
b.      Legenda Alam gaib nya éta carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma ngeunan mhluk-mahluk nu gaib.
c.       Legenda tokah jalma nya éta carita ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu dianggap kungsi aya kajadianana.
d.      Legenda tempat atawa legenda wewengkon nya éta carita anu aya patalina jeung hiji tempat, ngaran wewengkon sarta wangun topografi, upamana ayana gunung, pasir-pasir, jurang, jsb. Contona saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ Patenggang, Sasakala Maribaya
Sedengkeun dumasar kana palakuna dongéng téh kabagi jadi lima nya éta dongéng fabél, dongéng legénda, dongéng sagé, dongéng parabél, Dongéng mité.
C.     Unsur-unsur Carita Dongéng
1.      Unsur intrinsik
a.       Téma, tema nya éta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadéngékeun dongéng.
b.      Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita. Galur dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya éta galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur campuran.
c.       Tokoh carita atawa palaku nya éta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.
d.      Latar (setting), nya éta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng.
e.       Amanat, nya éta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca. Umumna amanat dina dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita nu sagemblengna. 
2.      Unsur ekstrinsik
a.       Sikep, pendidikan atawa asal-usul pangarang
b.      Situasi atawa kaayaan pajamanan sawaktu ѐta carita dijieun


D.    Ciri-ciri Dongéng
1.      Caritana pondok, lanjeuran carita dina dongéng biasana basajan jeung pondok. Ari nu jadi alesanana nya éta carita dongéng osok didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna waé kamampuh nangkep basa jeung caritana kawatesanan.
Carita pondok téh aya sasaruaanana jeung dongéng. Boh dongéng boh carita pondok pada-pada carita anu parondok. Ngan baé lamun dina dongéng sok aya babagian anu pamohalan, dina carita pondok mah umumna euweuh. Tegesna eusi caritana téh kaharti ku akal. Palakuna, jalan caritana, tempat jeung waktu kajadianana diréka lir nu enya kajadian. Gelarna deuih anu béda téh. Dongéng mah umumna hasil sastra béh ditu, ari carita pondok hasil sastra kaayeunakeun. Cara nyebarna dongéng mah umumna ku lisan, ari carita pondok mah ku tulisan. Saperti umumna sastra lisan, dongéng mah teu kasebut ngaran anu ngarangna,disebutna ogé sastra balaréa. Ari carita pondok mah kanyahoan saha nu ngarangna da sok dituliskeun
2.      Aya bagian anu pamohalan.
3.      Asup kana wangun lancaran jeung ugeran.
4.      Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.
5.      Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, protés sosial, atawa kahayang nu di sidem. Sanajan dongéng ditepkeuna sacara malibir tapi miboga atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun.
6.      Sipatna pralogis, nya éta mibanda logika anu béda jeung logika umum.
7.      Sipatna tradisional, nya éta sumebarna turun-tumurun.
8.      Pola ngadongéng sok angger, sanajan.
9.      Ngagunakeun alur nu basajan.
10.  Caritana relatif singget.
11.  Karakter palaku teu dijabarkeun rinci.
12.  Ditulis kalawan gaya nyarita lisan.
13.  Bubukana singget, gancang asup kana fragmen palaku atawa konflik

E.     Pungsi Dongéng
Kalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi. Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan. Pungsi dongéng ti jaman ka jaman robah. Dina jaman masarakat buhun, dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-usul upacara-upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan. Dongéng sok dihartikeun alat pikeun ngabobodo budak céngéng. Tapi mun seug dipaluruh leuwih jero, kalungguhan dongéng téh lain wates keur ngabobodo budak céngéng hungkul, tapi ngabogaan tujuan séjén lamun ditétélakeun di handap:
1.    Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan.
2.    Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki. Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat.
3.    Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh kaayaan tali parantina.
4.    Ngarah anak incu urang manggih luang tina pangawéan karuhun pikeun bekel hirupna.
5.    Ngarah pagawéan beurat karasa leuwih hampang.
Dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina taun 1975 tétéla yén dongéng mampuh ngaronjatkeun Itelegence Question (I.Q) budak. Budak kakeunaan ku Virus n Ach (need for Achievement) nya éta virus nu ngamotipasian budak sangkan miboga cara mikir jeung paripolah anu leuwih épisién pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus ti saméméhna tur salawasna bisa ngahontal préstasi kalayan optimal. Panalungtikan séjén nu ngébréhkeun yén dongéng bisa méré kani'matan, kasugemaan batin jeung ngaronjatkeun kacerdasan pikeun nu macana. Éta hal dibuktikeun ku panalungtikan di Amérika, anu nétélakeun yén barudak turunan Asia di Amérika leuwih cerdas tibatan barudak turunan urang Amérika, sabab warga Asia nu cicing di Amérika teu ninggalkeun tradisi karuhunna, utamana macakeun dongéng-dongéng ngeunaan karuhun ka budakna.
Dongéng miboga sawatara pungsi, di antarana;
1.    Rékréatif (hiburan)
Salaku fungsi rékréatif, dongéng méré pintonan visual dina uteuk pangregep (Theatre Of Mind) -boh sacara sadar atawa tan disadaran digambarkeun sorangan ku si pangregep- nu ngabalukarkeun munculna rasa atawa kaayaan anteng (asyik) tur panglipur di diri si pangregep nalika ngambah dunya ciciptan/imajinasi dongéng. Pikiran jeung rasa si pangregep museur napakan fragmen per fragmen kajadian dina éta dongéng, nepika kagambar atra yén si pagregep saperti enya-enya aya atawa ningali kana éta gambaran carita.

2.    Edukatif (atikan)
Salaku fungsi édukatif, dongéng bisa dipaké sarana pangajaran karakter. Ajén moral dina dongéng dijadikeun sarana ngawanohkeun pangaweruh bebeneran hirup, ngahudang jeung numuwuhkeun sikep tur pamadegan sarta ajen diri (mentality and value beliefs) hiji jalma, sarta ngawanohkeun sikep-sikep atawa kalakuan anu teu luyu jeung norma-norma nu bener.

3.    Informatif (pangaweruh).
Salaku fungsi informatif, di antarana dongéng bisa ngaronjatkeun pangaweruh kandagakecap, kalimah, babasan, paribasa, ungkara, mamanis basa, sajarah, budaya (boh budaya sorangan atawa sékésélér séjénna), daérah,  tur lian-lianna ka hiji jalma. Nalika manggihan hal-hal anu kurang kaharti atawa kurang dipikanyaho, dongéng ngahudang karep si pangregep pikeun nanyakeun atawa néangan sorangan jawaban tina éta perkara.


F.      Hal-hal anu kedah diperhatikeun dina dongéng
Upama ngadongéng, aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun, nya éta:
1.    Lafal
Lafalna kudu béntés, jelas kadéngéna sarta tétéla ucapanana.
2.    Lentong
Lentongna kudu merenah. Iraha lentongna kudu turun jeung kudu naék.
3.    Pasang peta
Pasang peta ngawengku paroman (mimic) jeung gerak-gerik (gestur) waktu ngadongéng. Paroman kudu luyu jeung dongéng anu keur dicaritakeun.
G.    Sajarah Kamekaran jeung Sumebarna Dongeng
Gelarna satra lisan di tatar Sunda kira-kira dina jaman buhun anu dicirian ku ayana pangaruh Hindu.v Dina ieu jaman, sastra anu aya teu kapanggih ngaran pangarangna (anonim) kayaning carita-carita pantun, carita-carita mithologia, pabél-pabél, jangjawokan, asihan,jampé-jampé, kawih, jsté. Tétéla pisan satra lisan leuwih ti heula ayana tibatan sastra tulis. Sastra tulis aya saba’da urang Sunda wawuh kana tradisi tulis. Ku sabab téknologi ayeuna beuki maju, nya éta ku ayana pecitakan, loba dongéng anu dimuat dinamajalah jeung surat kabar.  Lian ti éta ogé, aya anu dikumpulkeun jadi buku, di antarana: Dongéng disalin kana tulisan, sanggeus téknologi ngambah kana kasustraan sunda, loba dongéng anu dibukukeun di antarana :
·       Carita Rayat Sunan Gunung Jati ku Yuliadi Soekardi jeung U.Syahbudin.
·       Carita Rayat Asal Mula Kasultanan Cirebon ku A.Setiawan jeung U.Syahbudin.
·       Babad Tanah Sunda Babad Cirebon ku P.S. Sulendraningrat.
·       Dongéng-dongéng Sunda, karangan D.K.Ardiwinata, terbit taun 1910.
·       Salawé dongéng-dongéng Sunda jeung pariboga, karangan C.N. Pleyte, duanana terbit taun 1991.
·       Warnasari Sunda I, karangan J.Kats, terbit taun 1991. 
·  Dongéng-dongéng Sunda II, karangan R.H. Muhammad Musa (saduran), terbit taun 1912.
·       [Dongéng-dongéng Sunda II]], karangan Mas Saleh jeung Ardiwinata, terbit taun 1920.
·       Sakadang Peucang, karangan Sakadadibrata, terbit taun 1931.
·       Dongéng-dongéng Sasakala II, karangan Sakadibrata, terbit taun 1959.
·       Abu Nawas, karangan Mawarun (sadarun), terbit taun 1980.