Selasa, 31 Desember 2013

SEMANTIK dina BASA SUNDA

SEMANTIK
1. Ambahan Semantik
Istilah semantik asalna tina basa Yunani nyaeta semantickos anu hartina ‘penting’, ngandung harti anu dirundaykeun tina kecap semainen hartina ‘nuduhkeun tanda’. Dina basa sunda mah sok disebut ‘tata harti’.
Semantik nyaeta bagian tina elmu basa anu ngulik jeung medar harti dina hiji basa, asal-usul, selang surup, parobahan, tur kamekaran harti.
2. Harti
·           Watesan harti
Harti mangrupa eusi anu dikandung ku kecap atawa omongan; naon-naon anu dimaksud ku panyatur basa.
·           Aspek harti
Omongan manusa teh hakikatna ngandung harti anu  gumulung tina opat aspek, nyeta:
1)    Tema (jejer nu keur dicaritakeun)
2)   Rasa (harti disawang tina sikep panyatur kana tema)
3)   Nada ( harti disawang tina sikep panyatur ku pangregep)
4)   Amanat (maksud nu ditepikeun ku panyatur)

·           Warna harti
Harti dina basa, bisa dipasing-pasing jadi sababaraha warna, nyaeta:
harti leksikal nyaeta unsur-unsur nu mangrupa lambang barang, hal, objek, jste.
 








a.    Harti leksikal ngawengku dua bagian :
1)    Harti langsung : harti anu langsung nuduhkeun konsep nu tangtu tina objek. Conto: Manehna keur ngahampas kalapa. (harti langsung)
Anjeun ulah ngahampas ka kuring. (harti injeuman)
2)   Harti injeuman : harti anu teu langsung nuduhkeun objekna.
Conto: Heni teh di kelasna mah kaasup bentangna.
b.    Harti struktural nyaeta harti nu muncul balukar patepungna unsur-unsur basa. Harti structural aya dua rupa:
1)    Harti gramatikal: harti nu muncul balukar patepungna wangun-wangun gramatik (morfem, kecap, frasa, klausa, kalimah) dina wangun gramatik anu leuwih jembar. Conto:
Ka- + tincak = katincak hartina teu kahaja.
2)   Harti tematikal : harti anu muncul balukar museurkeun paniten jeung nekenkeun lentong kana salah sahiji unsur basa anu dipentingkeun. Conto:
Aya nu maot dilengkahan ucing hirup.
Aya nu maot / dilengkahan ucing hirup.
Aya nu maot dilengkahan ucing / hirup.
Aya nu maot dilengkahan /ucing hirup.

·      Parobahan harti
Aya  6 faktor panyabab robahna harti, nyaeta: linguistic, sosiologis, psikologis, historis, basa deungeun, jeung pangabutuh kana kecap anyar.
1)    Ngajembaran (generalisasi) nyaeta robahna harti kecap anyar anu ambahanana leuwih jembar batan harti kecap heubeul.
2)  Ngaheureutan (spesifikasi)
3)   Ngaluhuran (ameliorasi) nyaeta robahna harti kecap anyar anu ajena leuwih luhur batan hari kecap heubeul.
4)  Ngahandapan (pejorasi)
5)  Ngupamakeun (asosiasi)
6)   Matukeurkeun (sinestesia) nyaeta robahna harti kecap lantaran patukeurna pananggap antara dua anggota awak (indra) anu beda.
Pakeman Basa
a.    Babasan nyaeta ungkara winangun kecap (kantetan) atawa frasa anu susunana geus matok tur ngandung harti injeuman.
Conto: hampang birit, gede hulu, panjang leungeun, jsb.
b.    Paribasa nyaeta ungkara winangun kalimah atawa klausa anu kekecapan katut susunana geus matok , biasana ngandung harti babandingan minangka siloka lakuning hirup manusa.
Conto: mun diarah supana, kudu dipiara catangna.
c.    Gaya basa nyaeta rakitan basa anu dipake sangkan ngahudang pangaruh anu leleb kanu maca.
Conto: gaduh tanah ge mung satapak peucang.
d.    Rakitan lantip nyaeta susunan kecap anu dihartikeun ku kabiasaan make dadasar kalantipan.
Conto: Emh, bau nu keur ngagoreng bawang = nu bau teh lain nu ngagorengna tapi goreng bawangna.
e.    Kecap kiasan nyaeta kecap anu hartina dipapandekeun ka harti kecap sejen, anu ngandung harti konotatif.
Contoari geus maju mah, wani nincak sagala ka batur teh.
f.    Cacandran nyaeta panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun.
Conto: Sukapura ngadaun ngora, Bandung heurin ku tangtung.
g.    Uga nyaeta tujuman (prediksi) anu aya patalina jeung parobahan penting, babakuna parobahan kaayaan nagara.
Conto: Sunda nanjung mun pulung (pertanda) geus turun ti Galunggung.
h.    Caturangga nyaeta pakeman basa anu nuduhkeun tanda-tanda pikeun mikanyaho hade gorengna watek kuda mun diingu.
Conto: Sumur bandung nyaeta watek kuda anu hade, matak loba rijki, tandana aya kukulincian dina tarang kuda.
i.     Candrasangkala nyaeta nyaeta kalimah atawa frasa anu ngandung harti panataan angka taun.
Conto: Panca pandawa ngemban bumi: 5521—1255 Saka—1333 masehi, ngadegna karajaan  pajajaran.
j.     Repok nyaeta tujuman anu aya patalina jeung cara nganyahokeun alus heunteun nasib dua jalmi nu rek rabi.
Conto: ma’na alus: ratu sabdaning pandita,padaringan kebek, sangga waringin, satria lalaku.
Ma’na goreng: pisang punggel, lumbung gumulung, jeung tunggak kasemi.




Selasa, 17 Desember 2013

PUPUH SUNDA

PUPUH
A.   Wangenan Pupuh
Pupuh téh nyaéta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun. Pupuh téh kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan, sedengkeun guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung.
Nurutkeun sababaraha informasi sajarah, dina wanci éta seni pupuh seueur dipaké di golongan nu tangtu dina perkawis ieu kaum élit Sunda. Dina jaman kolonial seni pupuh dipaké minangka pakakas serat menyurat, pidato para kaum ménak. Nanging, kalawan robahna jaman para kreator seniman Sunda seni pupuh dikembangkeun ka sababaraha rupi kasenian talari Sunda. Contona Cianjuran, Cigawiran, Ciawian, Wawacan, Gending Karesmen, sarta anu sanésna. Sanaos pupuh Sunda ngabogaan pangaruh ti Mataram nanging ti sagi musikalitasna dina perkawis ieu tembang benten pisan kalawan lagu di Jawa.
B.    Rupa-rupa Pupuh
Pupuh Sunda kabéhna aya tujuh belas (17). Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nya éta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (mindeng disingket jadi KSAD), sarta sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaéta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Lambang, Ladrang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong. Unggal Pupuh miboga ugeran guru wilangan jeung guru lagu sarta watek séwang-séwangan.
1.   Pupuh Kinanti
       Kecap kinanti bisa jadi asalna tina kecap anti anu hartina dago atawa kanti anu hartina barang. Pupuh Kinanti ngagambarkeun jalma anu keur nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah. Jumlah padalisan dina sapada aya genep padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh kinanti nyaéta: 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i. Conto pupuh kinanti:
Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Néangan nu amis-amis
Sarupaning bungbuahan
Naon baé nu kapanggih
2.     Pupuh Sinom
       Kecap sinom asalna tina basa Sangsekerta sinwam anu hartina pucuk asem. Pupuh Sinom ngagambarkeun rasa gumbira atawa kadeudeuh. Jumlah padalisan dina sapada aya salapan padalisan Guru wilangan jeung guru lagu pupuh sinom nyaéta: 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a. Conto pupuh sinom:
Warna-warna lauk émpang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna Rengganis ninggali
Warnaning lauk cai
Lalawak pating suruwuk
Sepat pating karocépat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing, sisi balungbang
3.   Pupuh Asmarandana
       Kecap asmarandana asalna tina basa Sangsekerta smara anu hartina  birahi jeung dahana anu hartina seuneu. Jadi harti kecap asmarandana téh nyaéta seuneu birahi. Pupuh Asmarandana ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, atawa nyaah. Jumlah padalisan dina sapada aya tujuh padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh asmarandana:
Éling éling mangka éling
rumingkang di bumi alam
darma wawayangan baé
raga taya pangawasa
lamun kasasar lampah
4.   Pupuh Dangdanggula
       Pupuh Dangdanggula ngagambarkeun rasa katengtreman, kawaasan, kaagungan, atawa kagumbiraan. Jumlah padalisan dina sapada aya sapuluh padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh dangdanggula nyaéta: 10-i, 10-a, 8-é/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a. Conto pupuh dangdanggula:
Méga beureum surupna geus burit
Ngalanglayung panas pipikiran
Cikur jangkung jahé konéng
Naha teu palay tepung
Sim abdi mah ngabeunying leutik
Ari ras cimataan
Gedong tengah laut
Ulah kapalang nya béla
Paripaos gunting pameulahan gambir
Kacipta salamina


5.   Pupuh Balakbak
       Pupuh balakbak ngagambarkeun heureuy atawa banyol. Jumlah padalisan dina sapada aya tilu padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh balakbak nyaéta: 15-é atawa 12+3-é, 15é atawa 12+3-é, 15-é atawa 12+3-é. Conto pupuh balakbak:
Aya warung sisi jalan ramé pisan – Citaméng
Awéwéna luas luis geulis pisan – ngagoréng
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyét – nyanggéréng
6.   Pupuh Durma
       Durma téh hartina maung. Pupuh Durma ngagambarkeun rasa ambek, gedé hate, sumanget. Jumlah padalisan dina sapada aya tujuh padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh durma nyaéta: 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i. Conto pupuh durma:
Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus dipasti ku jangji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Henteu niat seja balik
Najan palastra
Mati di médan jurit
7.   Pupuh Gambuh
       Gambuh téh hartina loba luang. Pupuh Gambuh ngagambarkeun tambuh laku, samar polah, atawa bingung. Jumlah padalisan dina sapada aya lima padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh gambuh nyaéta: 7-u, 10-u, 12-i, 8-u, 8-o. Conto pupuh gambuh:
Ngahuleng banget bingung
henteu terang ka mana ngajugjug
turug turug harita téh enggeus burit
panon poé geus rék surup
keueung sieun aya méong
8.   Pupuh Gurisa
       Gurisa téh hartina pikaseurieun. Pupuh Gurisa ngagambarkeun jalma anu keur ngalamun atawa malaweung. Jumlah padalisan dina sapada aya dalapan padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh gurisa nyaéta: 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a. Conto pupuh gurisa:
Hayang teuing geura beurang
geus beurang rék ka Sumedang
nagih anu boga hutang
mun meunang rék meuli soang
tapi najan henteu meunang
teu rék buru buru mulang
rék tuluy guguru nembang
jeung diajar nabeuh gambang
9.   Pupuh  Jurudemung
       Pupuh Jurudemung ngagambarkeun rasa kaduhung atawa hanjakal. Jumlah padalisan dina sapada aya lima padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh jurudemung nyaéta:
8-a, 8-u, 6-i, 8-a, 8-u. Conto pupuh jurudemung:
Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti panggih
Jeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung
10. Pupuh  Lambang
       Pupuh Lambang ngagambarkeun ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana. Jumlah padalisan dina sapada aya opat padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh lambang nyaéta: 8-a,8-a, 8-a, 8-a. Conto pupuh lambang:
Nawu kubang sisi tegal
nyair bogo meunang kadal
atuh teu payu dijual
rék didahar da teu halal
11. Pupuh  Ladrang
       Pupuh Ladrang ngagambarkeun nu resep banyol. Jumlah padalisan dina sapada aya opat padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh ladrang nyaéta: 10-i, 8-a atawa 4-a (2x), 8-i, 12-a. Conto pupuh ladrang:
Aya hiji rupa sato leutik
Éngkang-éngkang, éngkang-éngkang
Sok luluncatan di cai
Ari bangun arék sarupa jeung lancah
12. Pupuh  Magatru
       Pupuh Magatru ngagambarkeun lulucon ngeusi atawa prihatin. Jumlah padalisan dina sapada aya lima padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh magatru nyaéta: 12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o. Conto pupuh magatru:
Peuyeum sampeu dagangan ti Rancapurut
Dijual dua saduit
Dibungkusan daun waru
Dituruban daun jati
Katuangan anu ompong
13. Pupuh  Maskumambang
       Pupuh Maskumambang ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté. Jumlah padalisan dina sapada aya opat padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh Maskumambang nyaéta: 12-i, 6-a, 8-i, 8a. Conto pupuh maskumambang:
Duh manusa mana kaniaya teuing
teu aya rasrasan
abong ka mahluk nu laip
nyiksa henteu jeung aturan
14. Pupuh Mijil
       Pupuh Mijil ngagambarkeun kasedih, tiiseun atawa cilaka. Jumlah padalisan dina sapada aya genep padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh mijil nyaéta: 10-i, 6-o, 10-é, 10-i, 6-i, 6-u. Conto pupuh mijil :
Mesat ngapung putra sang Arimbi
Jeung méga geus awor
Beuki lila beuki luhur baé
Larak-lirik ningali ka bumi
Milari kang rayi
Pangeran Bimanyu
15. Pupuh  Pangkur
           Pangkur téh hartina ditinggalkeun atawa tonggong. Pupuh Pangkur ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, lulampah, atawa sadia rék perang. Jumlah padalisan dina sapada aya tujuh padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh pangkur nyaéta: 8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-i. Conto pupuh pangkur:
Seja nyaba ngalalana
ngitung lembur ngajajah milang kori
henteu puguh nu dijugjug
balik paman sadaya
nu ti mana tiluan semu rarusuh
Lurah Begal ngawalonan
“Aing ngaran Jayapati”
16. Pupuh  Pucung
       Pupuh Pucung ngagambarkeun piwuruk, wawaran, kaget, atawa éling. Jumlah padalisan dina sapada aya opat padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh pucung nyaéta:  12-u, 6-a, 8-i/é/o, 12-a. Conto pupuh pucung:
Éstu untung nu bisa mupunjung indung
jeung nyenangkeun bapa
tanda yén bagjana gedé
hirup mulus kaseundeuhan ku berekah
17. Pupuh  Wirangrong
       Wirangrong asalna tina wiring-rwang anu hartina kasima, bingung, teu éling. Pupuh Wirangrong ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh wirangrong nyaéta: 8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a. Conto pupuh wirangrong:
Barudak mangka ngalarti
Ulah rék kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut élmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun saréréa
Modal bakti ka nagara
C.    Perkembangan Pupuh
1.   Cianjuran
       Cianjuran atawa asal istilahna seni mamaos, mangrupakeun salah sahiji seni Sunda anu asalna ti Cianjur. Salah sahiji wanda pupuh anu digunakeun dina lagam cianjuran ieu misalna dina pupuh dangdanggula:
Wus anglirik satukebing langit
Sampun ngaran, rat miring buana
Siluman sileman kabéh
Dasaring samudra gung
Boten Wonten ingkang linuwih
Kangkaya ing sangnétra
Kusumaning ayu
Mapan ningal niting alam bumi gonjing
Isineun tan anan keri
Mung paduka ing nétra
2.   Ciawian
       Ciawian mangrupakeun salah sahiji kasenian Sunda anu asalna ti Ciawi Tasikmalaya. Tokoh anu kasohor dina kasenian ciawian nyaéta RD.Hj.Tingting. Ciawian henteu ngagunakeun pola sorangan tatapi ciawian ngagunakeun pola pupuh anu 17, tatapi kecap-kecapna dirobah. Mimitina  anu dipintonkeun dina kasenian Ciawian nyaéta pélog (iramana sedih), madénda (iramana bisa disebutkeun irama kabungah), jeung saléndro (irama anu pamungkas). Salah sahiji Ciawian dina pola pupuh kinanti lagam ciawian nyaéta:
Kunur diawur ku kunur,
Duit diaur kuduit
Béas diawur ku béas
Cai diawur ku cai
Wadah ninggang ka parancah
Kitu nurutkeun talari
3.   Cigawiran
       Cigawiran mangrupa salah sahiji wanda seni sora Sunda dina wangun tembang. Kasenian ieu lahir di daérah Cigawir Garut. Anu  mangrupakeun lahir ti daérah pasantren Cigawir. Anu ngagaduhan pungsi pikeun pangajaran agama, biasana ngagunakeun laras pélog, madénda, jeung saléndro, pola sastrana ngagunakeun pupuh misalna dina lagu Cigawiran rumpaka pupuh dangdanggula:
Ku ihktiar reujeung ku pamilih
Kaduana mikiran akhérat
Supaya ulah ka bendon
Ku jalma doraka luput
Sabab bontongor teu nguping,
Katimbalan Pangéran
Dawuh Kanjeng Rosul
Ari saratna ikhtiar
Keur nyingkahan mamala lahir jeung batin
Supaya meunang waluya
4.   Pupuh Kreasi
       Perkembangan anu pang anyarna nyaéta pupuh kreasi karya dosén Karawitan STSI Bandung H. Yusuf Wiradiredja,S.Kar. M.Hum anu leuwih kasohor Yus Wiradiredja, mangrupakeun perkembangan anu béda tina Cianjuran, Cigawiran jeung Ciawian. Bédana pupuh kreasi karya Yus Wiradiredja, leuwih ngolah tina musik pangiringna sahingga ngajieun nuansa anyar tanpa ngarobah lagam tina pupuh éta sorangan, sedengkeun lamun ciawian, cigawiran jeung cianjuran ngarobah lagam jeung anu digunakeun ngan saukur pola syair.
           Pupuh kréasi ieu bédana jeung pupuh anu umum nyaéta dina pupuh kréasi mah alat musik anu digunakeun leuwih loba diantarana kacapi, kendang, jeung instrumén-instrumén hasil modifkasi Yus Wiradiredja sahingga nyiptakeun suasana anu béda sedengkeun pupuh biasana teu maké iringan atawa ngan saukur ngagunakeun kacapi.
           Tina segi rumpaka pikeun pupuh buhun jeung pupuh kréasi sarua baé, ngan dina pupuh kréasi aya tambahan contona dina pupuh balakbak pikeun pupuh buhun. Conto:
Aya warung sisi jalan
Ramé pisan citaméng
Awéwéna luas luis
Geulis pisan ngagoréng
Lalakina lalakina
Los kapipir nyoo monyét nyangérét
           Sedengkeun pikeun pupuh kréasi karya Yus Wiradiredja aya anu ditambahan contona:
Aya warung sisi jalan
Ramé pisan kunu jajan
Tihothatnu ngaladangan
Nu jarajan sungkan-sungkan
Aya warung sisi jalan ramé pisan
Awéwéna luas luis geulis pisan la
Lalakina-lalakina
Los kapipir nyoo monyét nyangérén
g
D.    Alat Musik Pangiring
     Alat musik pangiring anu biasa digunakeun dina ngiring pupuh nyaéte:
1.     Kacapi
2.      Suling
3.     Rebab
4.     Kendang
5.     Goong
6.     Gamelan (biasana digunakeun dina pupuh kréasi)