SEMANTIK
1. Ambahan Semantik
Istilah semantik asalna tina basa Yunani
nyaeta semantickos anu hartina
‘penting’, ngandung harti anu dirundaykeun tina kecap semainen hartina ‘nuduhkeun tanda’. Dina basa sunda mah sok disebut
‘tata harti’.
Semantik nyaeta bagian tina elmu
basa anu ngulik jeung medar harti dina hiji basa, asal-usul, selang surup,
parobahan, tur kamekaran harti.
2. Harti
·
Watesan harti
Harti mangrupa eusi anu dikandung
ku kecap atawa omongan; naon-naon anu dimaksud ku panyatur basa.
·
Aspek harti
Omongan manusa teh hakikatna
ngandung harti anu gumulung tina opat
aspek, nyeta:
1)
Tema (jejer nu keur dicaritakeun)
2)
Rasa (harti disawang tina sikep panyatur kana
tema)
3)
Nada ( harti disawang tina sikep panyatur ku
pangregep)
4)
Amanat (maksud nu ditepikeun ku panyatur)
·
Warna harti
Harti dina basa, bisa dipasing-pasing jadi
sababaraha warna, nyaeta:
harti
leksikal nyaeta unsur-unsur nu mangrupa lambang barang, hal, objek, jste.
a.
Harti
leksikal ngawengku dua bagian :
1)
Harti langsung : harti anu langsung nuduhkeun
konsep nu tangtu tina objek. Conto: Manehna keur ngahampas kalapa. (harti langsung)
Anjeun ulah ngahampas ka kuring.
(harti injeuman)
2)
Harti injeuman : harti anu teu langsung nuduhkeun
objekna.
Conto: Heni teh di kelasna mah
kaasup bentangna.
b.
Harti
struktural nyaeta harti nu muncul balukar patepungna unsur-unsur basa.
Harti structural aya dua rupa:
1)
Harti gramatikal: harti nu muncul balukar
patepungna wangun-wangun gramatik (morfem, kecap, frasa, klausa, kalimah) dina
wangun gramatik anu leuwih jembar. Conto:
Ka- + tincak = katincak hartina
teu kahaja.
2)
Harti tematikal : harti anu muncul balukar
museurkeun paniten jeung nekenkeun lentong kana salah sahiji unsur basa anu
dipentingkeun. Conto:
Aya nu maot dilengkahan ucing
hirup.
Aya nu maot / dilengkahan ucing
hirup.
Aya nu maot dilengkahan ucing /
hirup.
Aya nu maot dilengkahan /ucing
hirup.
· Parobahan
harti
Aya 6 faktor panyabab robahna harti, nyaeta:
linguistic, sosiologis, psikologis, historis, basa deungeun, jeung pangabutuh
kana kecap anyar.
1)
Ngajembaran
(generalisasi) nyaeta robahna harti kecap anyar anu ambahanana
leuwih jembar batan harti kecap heubeul.
2) Ngaheureutan (spesifikasi)
3)
Ngaluhuran
(ameliorasi) nyaeta robahna harti kecap anyar anu ajena leuwih
luhur batan hari kecap heubeul.
4) Ngahandapan (pejorasi)
5) Ngupamakeun (asosiasi)
6)
Matukeurkeun
(sinestesia) nyaeta robahna harti kecap lantaran patukeurna
pananggap antara dua anggota awak (indra) anu beda.
Pakeman Basa
a.
Babasan nyaeta ungkara
winangun kecap (kantetan) atawa frasa anu susunana geus matok tur ngandung
harti injeuman.
Conto: hampang
birit, gede hulu, panjang leungeun, jsb.
b.
Paribasa nyaeta
ungkara winangun kalimah atawa klausa anu kekecapan katut susunana geus matok ,
biasana ngandung harti babandingan minangka siloka lakuning hirup manusa.
Conto: mun
diarah supana, kudu dipiara catangna.
c.
Gaya basa nyaeta
rakitan basa anu dipake sangkan ngahudang pangaruh anu leleb kanu maca.
Conto: gaduh
tanah ge mung satapak peucang.
d.
Rakitan
lantip nyaeta susunan kecap anu dihartikeun ku kabiasaan make
dadasar kalantipan.
Conto: Emh,
bau nu keur ngagoreng bawang = nu bau teh lain nu ngagorengna tapi goreng
bawangna.
e.
Kecap
kiasan nyaeta kecap anu hartina dipapandekeun ka harti kecap sejen,
anu ngandung harti konotatif.
Conto:
ari geus maju mah, wani nincak sagala ka batur
teh.
f.
Cacandran nyaeta
panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun.
Conto: Sukapura ngadaun ngora, Bandung heurin ku tangtung.
g.
Uga nyaeta
tujuman (prediksi) anu aya patalina jeung parobahan penting, babakuna parobahan
kaayaan nagara.
Conto: Sunda nanjung mun pulung (pertanda) geus turun ti Galunggung.
h.
Caturangga nyaeta
pakeman basa anu nuduhkeun tanda-tanda pikeun mikanyaho hade gorengna watek
kuda mun diingu.
Conto: Sumur
bandung nyaeta watek kuda anu hade, matak loba rijki, tandana aya kukulincian
dina tarang kuda.
i.
Candrasangkala nyaeta
nyaeta kalimah atawa frasa anu ngandung harti panataan angka taun.
Conto: Panca
pandawa ngemban bumi: 5521—1255 Saka—1333 masehi, ngadegna karajaan pajajaran.
j.
Repok nyaeta
tujuman anu aya patalina jeung cara nganyahokeun alus heunteun nasib dua jalmi
nu rek rabi.
Conto: ma’na
alus: ratu sabdaning pandita,padaringan kebek, sangga waringin, satria lalaku.
Ma’na goreng: pisang punggel, lumbung gumulung, jeung tunggak
kasemi.
Maaf, saya ingin bertanya. penjelasan ini dapat dari mana? apakah dari buku? jika bisa saya ingin tahu judul bukunya. terima kasih
BalasHapus